Lirik Reuneuh Tiheula - Fiksi

Lirik Reuneuh Tiheula - Fiksi


naha pan anyar kénéh kawinna?
naha jol gedé deui beuteungna?
naha karék kamari hajatna
jol ngupdate sehat utunna

naha hajatna teu raraméan?
naha hajatna euweuh dangdutan?
siga anu euweuh persiapan
siga  nu serba dadakan

cenah mah manéhanana
kawina teu kahaja
cenah mah kawina gara-gara
reuneuh tiheula

beuki dieu beuki loba anu bobogohan
kikituan geus jadi kabiasaan
duduaan ngahaja ngontrak di kosan
atawa ngahaja nyéwa penginapan

beuki dieu beuki loba anu kasétanan
iiluan ku lingkungan jeung tontonan
panasaran,mun manéhna teu nyobian
ngakibatkeun leungitna ka imanan

naha siga nu euweuh ka éra
naha siga anu geus biasa
naha siga geus jadi budaya
siga teu sieun ku dosaaaa

bantuan share nya sugan aya manfaatna
salam sunda
sampurasun